penjelasan atau pengertian tentang istilah patukangan dalam bahasa sunda
B. Daerah
keisha503
Pertanyaan
penjelasan atau pengertian tentang "istilah patukangan" dalam bahasa sunda
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Patukangan nyaeta ngaran-ngaran tukang dina basa Sunda atawa ngaran-ngaran jelema anu miboga kaahlian dina hiji pagawean anu ngagunakeun leungeun. Dina digawena tukang teh ngagunakeun pakakas atawa bahan anu geus tangtu nyaeta saperti kai, batu, beusi atawa logam lianna saperti emas, perak, jeung sajabana ti eta.
Pembahasan
Sawatara ngaran tukang atawa patukangan nyaeta saperti:
- Anjun nyaeta tukang nyieun parabot tina taneuh
- Kabayan nyaeta tukang dititah ka ditu ka dieu
- Kamasan nyaeta tukang nyieun parabot tina emas atawa perak
- Malim nyaeta tukang nalukkeun sasatoan
- Paledang nayaeta tukang nyieun parabot tina tambaga
- Pamayang nyaeta tukang ngala lauk di laut
- Panday nyaeta tukang nyieun parabot tina beusi
- Paniggaran nyaeta tukang moro ngagunakeun bedil
Pelajari lebih lanjut
- Istilah patukangan, contoh kalimat https://brainly.co.id/tugas/12134304
- Ngaran tukang moro sasatoan https://brainly.co.id/tugas/12405186
__________
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda
Bab : 6
Kode : 8.13.6
Kata Kunci : Patukangan, tukang, basa Sunda