B. Daerah

Pertanyaan

Dina dongeng kuya jeung monyet , tokoh kuya ngabogaan sifat...
A. Goreng niat , jail , kaniaya
B. Sabar,asak jeujeuhan
C. Hayang kapuji,sombong
D. Hayang kapuji,asa panggagahna

1 Jawaban

  • Dina dongeng Kuya jeung Monyet, tokoh kuya ngabogaan sifat (B.) Sabar, asak jeujeuhan. Dongeng Kuya jeung Monyet teh kaasup kana carita dongeng anu disebut fabel. Fabel nyaeta carita dongeng anu eusina ngagambarkeun budi pekerti atawa watek jalma anu diibaratkeun kana sasatoan, tatangkalan atawa barang.  

    Dongeng nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa karya sastra dina wangun prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok.

    Ciri utama tina dongeng nyaeta eusi caritana anu pamohalan atawa henteu asup kana akal, saperti aya sasatoan atawa tutuwuhan anu bisa nyarita, aya jalma bisa ngapung, jeung sajabana ti eta. Tapi ku ayana carita pamohalan dina dongeng, dongeng sok dipikaresp ku barudak.

    Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng

    Kelas : VII (1 SMP)

    Kata Kunci : Domgeg kuya jeung monyet. fabel, pamohalan

Pertanyaan Lainnya