B. Daerah

Pertanyaan

sebutkeun istilah tatanen

1 Jawaban

  • Aya sawatara istilah tatanen basa Sunda utamana nu aya patalina jeung tatanen melak pare. Kusabab mayoritas urang Sunda kadaharanana nyaeta beas, nu dimaksud istilah tatnen nu aya di daerah Sunda utamana aya patalina jeung kagiatan melak pibeaseun atawa pare.  

    Pembahasan

    Dina basa Sunda aya loba istilah tatanen anu utamana aya patalina jeung melak pare. Tapi di handap ieu nyaeta sabagean conto istilah tatanen nu aya di daerah Sunda:

    1. Babut nyaeta ngarabutan binih di pabinihan pikeun ditandur.
    2. Ngabaladah nyaeta ngamimitian ngagarap sawah.
    3. Ngagaru nyaeta ngancurkeun taneuh sanggeus diwuluku anu ditarik ku munding.
    4. Ngagemuk nyaeta ngawurkeun pupuk di sawah.
    5. Ngarambet nyaeta miceunan jujukutan dina sela-sela dapuran tangkal parè.
    6. Tandur nyaeta melakkeun binih pare di sawah.
    7. Tebar nyaeta nyebarkeun paré (bangsal) di pabinihan.

    Pelajari lebih lanjut

    • Conto istilah tatanen https://brainly.co.id/tugas/8330961
    • Kagiatan nu geus lumrah di masarakat https://brainly.co.id/tugas/5772038
    • Harti bulu taneuh https://brainly.co.id/tugas/180465

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : IX

    Mapel : Bahasa Sunda - Adat Di Palemburan

    Bab : 2

    Kode : 9.13.2

    Kata Kunci : Istilah tatanen basa Sunda

Pertanyaan Lainnya