B. Daerah

Pertanyaan

pupuh asmaranda diwangun ku...padalisan
pupuh asmaranda diwangun ku...padalisan

1 Jawaban

  • Pupuh asmarandana diwangun ku tujuh padalisan. Pupuh mangrupa aturan atawa patokan nu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda saperti guguritan jeung wawacan. Aya 17 rupa pupuh nu dibagi jadi dua kelompok nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Pupuh asmarandana kaasup kana pupuh Sekar Ageung. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh.

    Pembahasan

    Guguritan biasa ngagunakeun boh pupuh Sekar Ageung boh pupuh Sekar Alit. Sedengkeun wawacan biasa ngagunakeun pupuh Sekar Ageung wungkul. Aturan nu aya dina pupuh disebut guru wilangan jeung guru lagu. Salian ti eta, unggal pupuh oge miboga karakter atawa watek anu beda beda.  

    Guru wilangan nyaeta jumlah engang nu aya dina unggal padalisan pupuh. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang tungtung nu aya dina unggal padalisan pupuh. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh asmarandana nyaeta 8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a. Watek atawa karakter pupuh asmarandana nyaeta ngagambarkeun rasa asmara (kabirahian), cinta kasih (deudeuh asih), atawa rasa nyaah.

    Pupuh asmarandana jeung tilu pupuh lianna nu aya dina Sekar Ageung sok disebut pupuh KSAD nyaeta singgetan tina ngaran pupuh kinanti, sinom, asamarandana, dangdanggula. Pupuh biasa ditepikeun ku dihaleuangkeun ngagunakeun tembang. Pupuh Sekar Ageung biasa ngagunakeun leuwih ti sarupa tembang. Sedengkeun pupuh Sekar Alit ngan biasa ngagunakeun sarupa tembang.

    Pelajari lebih lanjut

    • Naon anu dimaksud pupuh ? https://brainly.co.id/tugas/12829092
    • Ciri-ciri pupuh https://brainly.co.id/tugas/9771704
    • Naon bedana kawih jeung pupuh https://brainly.co.id/tugas/3725821

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : IV

    Mapel : Bahasa Sunda - Komunikasi Dina Pakumbuhan

    Bab : 8

    Kode : 4.13.1

    Kata Kunci : Pupuh asmarandana diwangun ku