naon bedana kalimah barang jeung kalimah pagawean
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Bedana kalimah barang jeung kalimah pagawean nyaeta ari kalimah barang mah mangrupa kalimah anu caritaanana atawa predikatna nyaeta kecap barang, sedengkeun ari kalimah pagawean mah nyaeta kalimah anu caritaanana atawa predikatna mangrupa kecap pagawean. Hiji kalimah bisa miboga unsur-unsur subjek, predikat, objek, katerangan atawa sok disingget SPOK.
Pembahasan
Salian ti kalimah barang jeung kalimah pagawean aya oge kalimah sifat atawa kaayaan jeung kalimah bilangan. Kalimah sifat nyaeta kalimah anu predikatna mangrupa kecap sifat. Sedengleun kalimah bilangan nyaeta kalimah anu predikatna mangrupa kecap bilangan. Di handap ieu nyaeta conto kalimah barang, kalimah pagawean, kalimah sifat jeung kalimah bilangan:
- Putra pa lurah teh dokter (kalimah barang)
- Amir keur maca buku (kalimah pagawean)
- Udin mah bageur (kalimah sifat)
- Samak teh panjangna dua meter (kalimah bilangan)
Pelajari lebih lanjut
- Conto kalimah barang brainly.co.id/tugas/4217162
- Conto kalimah pagawean brainly.co.id/tugas/12450889
- Kalimah SPOK brainly.co.id/tugas/7901005
__________
Detil Jawaban
Kelas : VII
Mapel : Bahasa Sunda - Paguneman
Bab : 1
Kode : 7.13.1